Hapunten anu kasuhun, réhna sim kuring ayeuna nulis artikelna maké basa Sunda. Itung-itung ngamumulé basa daérah nu ayeuna geus pada ninggalkeun.
Naon atuh anu bakal dipedar dina tulisan poé ayeuna?

Sok, coba tingali, gambar naon ieu di handap? Pernah manggihan gambar siga kitu pas keur internétan?

Internet Sehat

Cenah mah éta téh ngaranna “Internét Séhat”. Duka naon tah maksudna, sim kuring moal jero-jero mesék. Anu puguh mah jadi asa teu pararuguh, geus mah internét mahal, léod ngeteyep siga kuya batok, bari jeung dihahalang, teu meunang kaditu, teu meunang kadieu.

Prak ayeuna urang nyiar kumaha carana supaya bisa najong éta internet séhat supaya ulah ngan ngahalangan jajalaneun baé. Sim kuring ngan nyoba ieu tarékah di handap dina GNU/Linux Debian Sid jeung operator sélulér Indosat, duka tah lamun diterapkeun kana jaringan operator séjén mah.

Sok, mangga urang tengetan prak-prakanana…

  • Lamun keur internétan, wayahna pareuman heula. Lamun henteu, léngkah ieu dihandap bakal siga ngawurkeun watu kana keusik, mubazir.
  • Buka berkas /etc/resolv.conf. Urang contokeun mukana make nano.

    sudo nano /etc/resolv.conf
    
  • Ganti eusina maké DNS salian ti DNS operator sélulér. Naon baé tah? Sakanyaho sim kuring, aya tilu anu bisa dipaké salaku gaganti téh, nyaéta:
    • OpenDNS

      nameserver 208.67.222.222
      nameserver 208.67.220.220
      
    • dns.watch

      nameserver 84.200.69.80
      nameserver 84.200.70.40
      
    • OpenNIC

      nameserver 52.230.17.182
      nameserver 45.63.25.55
      
  • Lamun geus dirobah maké salah sahiji DNS di luhur, simpen maké cara teken tombol kibor CTR+O babarengan. Kaluar tina nano ku cara neken CTRL+X.

  • Ganti atribut /etc/resolv.conf supaya teu beunang dirobah eusina.

    sudo chattr +i /etc/resolv.conf 
    
  • Tah, ayeuna sambungan internétna bisa dihirupkeun deui. Cing jajal muka situs-situs anu tadina dihalangan ku internét séhat, insya Allah bisa.

Cag, urang tepikeun nepi kadieu heula. Mugia isuk jaganing pagéto bisa deui kaparengkeun nulis make basa Sunda. Wilujeng internétan anu séhat saéstuna, permios…